Text

Tuesday, November 25, 2014

Maca Sajak

PEUTING

Uyup ayap                            
poek buta rajin!
Salengkah nece lemah
lunta teuing kamana
nutur-nutur induk suku

Meredong,
unggal usik,unggal malik
kaandeg rereged,
cucuk reumis

Duh, marifat jeng tarekat
kakalicesan...
geuning mangsana
manjing ngaji diri
dzikir ka Illahi Robbi
pikeun babalik pikir...

KEMBANG SOKA

Aya kembang, bangun nu linduh
teuteupna motah

muhitna rindat kadeudeuh
najan waruga kuring,

sesa rarangkang asih
na anjeun narima ?

POE CANGRA
Lambat Lambut,
lalangse marudah
katojo panon poe nu ngulisik,
kingkilaban!
Mencrong...

Najan banget kuhapa rek tigin
lumengkah,palias katambias
can cucud mun hirup tacan babakti
sawangan ngimpleng,kahayang ti sareupna
ka subuhnakeun

Poe panjang,guareun urang
pan cenah babaladon
teu sirikna ngahelaran ?!
Bray, poe cangra,mabra
sumiratna pameungkeut asih
sugan baris kasorang

KAMELANG

Rumingkangna kalangkang
ngan sakolebat,bihari
rumenghapna katangen na poe nu simpe
duh ,tresna teh endah
mun diwincik ku iman jeung kaheman

Sanggeus midangdam katugenah
balebat ngincid ka landeuh,
aya hariring jempling peuting
ngageuing diri
pinasti patelak jeung harti

Batu Hiu
Jumegurna ombak
neumbag dada
masing parna,
taya sora
nganaha-naha
bongan saha?!

Awak buligir
bet asa keur budak
kokojayan silih simbeuh
poho waktu,nataku

Dicarek teu ditalek
poe isuk tangtu ...mulang!
CITRESNA
citresna ..ngagulidag
meuweuh cur-cor cikahuripan
lebah rasa nu rumasa
lebah gumagahna amarah,
kudu diwengku ku ugeran..Al Qur'an
...
kiwari
marojengja
ukur ngalajur nafsu
ngumbar amarah
alam pawenangan gundul, kari musibah datang
atawa pancaroba...globalisasi
atawa tsunami jeung gempa bumi

korupsi ,konspirasi...
nagara jadi tandon..tumbal
citresna..ngagulidag ..lain na hate wae...
tapi ti walungan nu motah....ombak nu jumegur!
hariwang...sumoreang
incu urang jaga...mayaran hutang!
jadi buruh di nagri sorangan!

Jalan pilampaheun ngembat panjang!
sarenghap nafas...teu kendat dzikir...Alloh na jero hate!

TAS

Dicangking mungguh aya ketakna
wadah pangbeberah manah
tamba lengoh
...
mun pareng neang katresna
nu wening
padahal atra, yen lawang asih geus meundeut!

Ringkangna longkewang kalangkang
ringkangna ngarangrangan

KALANGKANG

Nyaluuh na rangkulan peuting
ukur bentang nu marengan
hiliwir angin,temres kana jajantung!
mata simeuteun,
sumanding na babancik
bangun lewang, panineungan
ngolebat, sakolebatan

Tanggah kalangit
bentang ngiceupan
marengan peuting
nu sepi jempling
ras ka diri ...
duh...mujasmedi!

TANCEB KAYON                              

Kuring rek mulang
mun diri nyangking kalangkang
moal lana manjang katugenah
lungse
satutas rengse ngawekas udagan

Tanceb kayon muka lalangse
bongan,
bongan rasa motah
ngoconan kadeudeuh

No comments:

Post a Comment